KARINDING DI BOJONG TANJUNG
Karinding mangrupa salah sahiji alat
musik tiup tradisional Sunda, eta Karinding teh alat pikeun ngusir hama
di sawah. Sora anu dihasilkeun tina ke leterna jarum karinding kaitung
sora nu handap low decible. Sorana dihasilkeun tina ditabeuha gagang
karinding jeung tungtung curuk nu ditepak-tepakkeun. Eta sora nu kaluar
teh ngan kadenge ku sabangsa sasatoan insekta, kayaning wereng, simeut,
jangkrik, atawa oge ku manuk, jeung sajabana. Kiwari eta sora teh
disebutna ultrasonik. Salian ti ngusir hama, mangpaat karinding oge
pikeun ngabeberah maneh, sangkan betah waktu jaga sawah atawa huma.
Sangkan jadi wirahma, carana karinding ditabeuhna ku cara ditiup ku
baham. Kiwari, nabeuh karinding diinovasi dibarungan ku pakakas musik
sejenna.
Tah di pakalangan Bojong Tanjung kesenian karinding dijadikeun salah sahiji kurikulum pendidikan ketrampilan pikeun barudak dina waragad ieu pakalangan bojong tanjung baris gawe bareng jeung karinding Rahayu anu geus boga kagiatan kaparigelan karinding
ka sadayana anu resep kasenian karinding mangga di Pakalangan bojong tanjung didinya tiasa urang sasarengan ngembangkeun kesenian Karinding eta Cag Ah !!
Tidak ada komentar